
SempaL Guyon
Title : PEUYEUM AIRLINES
Pramugari
:
“Wilujeng
enjing kanggo sadayana…
Manawi
engké sadérék sadayana ngaraoskeun cepilna katorékan, mangga ditaplok nganggé
kapas éta liang cepilna.
Supaya
sadayana salamet, mangga tulung perhatoskeun ka dieu, kumaha carana masang
sabuk.
Kumaha
ngoncina ngarah entong coplok, ngarah pageuh, sareng kieu carana nyoplokeuna.
Baju
pelampung aya di handap korsi, ulah dianggo heula, ngantosan bapa Kapten méré
aba-aba…Éta teu kéngéng dipindah-pindah nya, komo deui mun dibawa balik, dipaké
pajangan di ruang tamu manéh, mun kapanggih dicabok hareup tukang geura, ngarti
teu??!!
Éta
nganggo baju pelampung, lebetkeun lewat pundak siga maké rompi, konci sabukna
ti hareup ulah tarik teuing, engké manéh bingung teu bisa napas! Éta meunang
dikeukeupan, nu penting kélék manéh henteu bau.
Ngarah
bisa ngambang di cai, tarik éta cenul-cenul warna beureum jambu, manéh kudu
inget, narikna kudu di luar pesawat, engké teu bisa kaluar geura mun di jero.
Mun ditarik di jero, lantaran ngagelembungna gedé pantona moal cukup, bisa
nyangked manéh!!
Mun
rék kaluar ti pesawat antri nya, baris siga bébék, siga éntog keur diangon.
Lamun
napas geus mulai hésé, éta masker oksigén lagrag sorangan ti luhur sirah manéh.
Kop warna konéng-konéng éta makéna saurang hiji, ulah parebut, ngérakeun!!
Kartu
petunjuk darurat aya dina selesepan hareupeun manéh, dibaca, teu kudu
diapalkeun, bisa gélo manéh ngapalkeun anu kitu..
Kitu
heula nya emang, bibi, akang, nyai, ujang, enéng,
Kalakuan
ulah anéh-anéh nya!
Oh
enya… Mun rék maca-maca, pencét éta cenul-cenul di luhuran manéh. Éta keur
ngahurungkeun lampu. Ngarti kan?
Sok ayeunna mah doa ménta salamet, ménta
ampun mun loba dosa. Mun pesawat lagrag mah nya wayahna wéh, kudu kumaha deui.
Baé wéh lah, da babarengan!!”
Penumpang
Pesawat : “!@#$!#$)(*&%{P%$!?@!!!”





0 komentar:
Posting Komentar